Rabu, 23 Maret 2016

Naskah Drama Basa Sunda Gara-gara Hitut Si Kabayan



“GARA-GARA HITUT SI KABAYAN”

Dina hiji isuk, aya Nyi iteng nu karak bérés nyeseuh, tuluy moékeun popoéan, datang si Kabayan pamit arek indit gawé.

Nyi iteng              :”Duit teu boga, hutang loba, lieur hirup téh.” (sabari ngagurutu)
Kabayan               :”Nyi akang arék narik béca heula. Lamun aya nu nanyakeun bejakeun akang keur           ngadines heula.
Nyi iteng              :”Heueuh jug!”
Kabayan               : “Heueuh, jagaan imah nya bisi aya nu maok!”
Nyi iteng              :”Kadé balikna tong beurang teuing! Nyai keur butuh duit”
Kabayan               :”Heueuh atuh nyi, lamun akang geus menang duit mah pasti balik.”
Nyi iteng              :”Kadé kos kamari balik burit, ari duit teu meunang sapérak-pérak acan.”
Kabayan               :”Heueuh atuh, pan kamari mah ti isuk nepika soré téh meni euweuh panumpang hiji-hiji acan. Aya éta gé panumpang ngan hiji, éta panumpang téh teu boga pikiran pisan, arék méré 25.000, ku akang téh geus wé teu dicokot.”
Nyi iteng              :”Ari akang, kos jelema anu lieur wae. 25.000 teu dicokot? Naa ari akang jadi jelema téh ku olo-olo teuing.”
Kabayan               :”Lain olo-olo, deuleu sia téh jauh ka Surabaya nganterkeunnana. Heueuh ku akang bisa wae éta duit di cokot, ngan balik-balik suku akang bisa-bisa tinggal sajengkal.”
Nyi iteng              :”Eleuh eleuh ari akang, nyai téh serius lain keur heureuy. Nyai téh bener-bener keur butuh duit.”
Kabayan               :”Teu kaharti aing mah, nyai mah ti mimiti ku akang di kawin nepika ayeuna angger wé hirup téh butuh ku duit.”
Nyi iteng              :”Euh ari akang, nyai mah ménta duit sotéh keur mayaran hutang,éra ku batur kang nyai téh. Jol deui jol deui nu nagih hutang téh.”
Kabayan               :”Nya alus atuh ari loba hutang mah. Cirina loba nu mercaya.”
Nyi iteng              :”Astagfirullah ari akang, moal bener-bener ari ngomong jeung akang mah nepika iraha ogé.” (sabari ngelus dada)
Kabayan               :”Heueuh komo deui ngomong jeung nyai mah nepika pir’aun naék béca ogé moal anggeus-anggeus. Geus ah akang mah rék indit narik  béca.”
Nyi iteng              :”Heueuh ku nyai di do’akeun sing meunang duit loba.”

                Teu lila kitu si Kabayan indit ninggalkeun Nyi iteng.

Nyi iteng              :”Kieu ari jelema leutik mah, hirup téh loba kasusah. Kantun wé pamaréntah téh sok ngomong ‘mari kita berantas korupsi’, tapi angger wé hirup téh miskin-miskin keneh. Duit téh kalah béak ku koruptor, kudunamah nu kitu kudu di beramtas téh.”


Teu lila si kabayan torojol dating deui.

Nyi iteung            :”Aya naon akang téh malah balik deui? Sakuduna akang téh geura-geura gawé ka ditu mingkin berang mah rezeki téh mingkin di cokot ku hayam, sakitu hirup loba hutang ogé, kudu namah akang téh mikir!
Kabayan               :”Eh ari nyai akang téh aya nu katinggaleun. (Kabayan indit ka jero sabari ningailkeun Nyi Iteung). Teulila “Nyai..... Nyai.....” (Ngagorowok satarikna)
Nyi iteung            :”Aya naon akang téh? Kos nu budeg waé boga pamajikan téh.” (Sabari nyamperkeun Kabayan)
Kabayan               :”Ari nyai ningali teu roda béca anu di tendeun didieu tah?”
Nyi iteung            :”Roda? Roda béca? (Sabari ngahuleung nginget-nginget)Ohh roda béca éta, kamari téh ku nyai di jual ka tukang kokorompong, ngan saukur laku 8.000 gening.”
Kabayan               :”Euleuh ari Nyai nanaon téh maén jual waé, pan Nyai gé apal meren béca téh banda urang hiji hiji na. Sakalian harga diri akang tah jual.” (Sabari nepak tarang da pusing kana kalakuan Nyi Iteung)
Nyi iteung            :”Ari geus Nyai téh bingung. Akang teu méré duit waé, sedengkeun akang pan apal Ambu téh olo olo, dahar gé kudu jeung pais lélé.

           Teu lila torojol Ambu datang.

Ambu                    :”Aya naon atuh ieu téh isuk isuk geus cekcok? Era atuh ku tatangga!”
Nyi iteung            :”Tah ieu Ambu na. Tanya wé ku akang.”
Kabayan               :”Ari ambu leres hoyong tuang sareng pais lélé?”
Ambu                    :”Leres.”
Kabayan               :”Tah kamari téh leres Nyi Iteung tika ngajual roda béca?”
Ambu                    :”Muhun, nya terus?”
Kabayan               :”Na ari Ambu, éta téh banda urang hiji hiji na pikeun néangan rezeki.”
Ambu                    :”Hor da Ambu mah tidak tau menau, teu nitah ngajual nu kitu deuih.”
Nyi iteung            :”Atos wé atuh ayeunamah da roda éta moal bisa balik deui. Wayahna wé Akang kudu néangan pagawéan deui anu sakirana ngahasilkeun duit loba! Tong hitut waé nu di gedé keun téh.”
Kabayan               :”Jadi akang téh kudu kumaha?”
Nyi iteung            :”Tuh tingali si uwa, isuk isuk geus ka sawah banting tulang jang kulawarga.”
Kabayan               :”Sok atuh ayenamah kumpulkeun tulang tulangna, ku akang urang banting-banting keun.”
Ambu                    :”Gaé ah sabodo! Ambu mah geus kusing (sabari ngaleos kajero).

Si kabayan ngahuleng mikirkeun kumaha nasibna ayeuna.

Kabayan               :”Nya roda geus dijual, béca teu bisa di paké, pamajikan norowéco waé ménta duit, Ambu daharna olo-olo. ’DUTTTTTT’ Tah ngeunah geuning hitut téh, saeutik lega kana pikiran téh.

Di tempat lain disalah sahiji imah ngarana imah Bu Imas. Bu Imas nyaéta jelema pang beungharna di kampung éta. Di dinya aya hiji budak ngaranna Icih. éta budak téh budak hij-hiji na. Tapi ngabogaan panyakit anu anéh ogé tuna rungu. Budak éta téh di uruskeun ku susterna nu ngaranna Surti.

Suster Surti         :”Icih hayoh atuh geulis, bageur, menak, jinggo kadieu ieu obatna suntikeun heula.(Sabari ngudag-ngudag mawa suntikan).
Icih                         :“Aim auh euli ah. (Sabari jejeritan)
Suster surti         :“Ehh, kin bibi dicarekan ku Ibu coba, hayoh burukeun kadieu kumaha cenah budak téh ih nya.” (Sabari kukulutus).
Bu Imas                :“Aduhh Surtiiiiii, éta budak urang dikumahakeun sia nepika jejeritan kitu? Ari manéhh.” (Sabari melak cangkeng)
Suster Surti         :“Ihhh Ibuu, ieu budak na alimeun di pasihan obat. Sakitu ieu obat nu pang manjurna ogé, nepika késang cur cor tiditu tidieu.” (Sabari ngusapan tarang na da sieun luntur make up na)

                Teu lila datang si onéw asisten Ibu Imas anu so Inggris.

Onéw                    :”Aduh Ibu aya naon ieu téh? Meni rariweuh ieu téh? Please dehh!”
Bu imas                 :”Naon deuih maneh téh datang-datang? Manéh tah nu riweuh mah!”
Onéw                    :“Hmm si Ibu mah suka begitu, don’t apa-apa atuh Ibu.”
Bu imas                :”Ehh onéw kumaha atuh si eneng téh? Bérés kaditu kadieu téh geningan can cageur-cageur nya?”
Onéw                    :”Iya Ibu don’t hariwang, da panyakit mah pasti aya waé ubarna. Eh tapi bu, kamari abdi téh meunang brosur aya dukun anu bisa nyehatkeun sagala panyakit nu aya dina awak urang. Ngrana Dukun Jebret.”
Bu imas                :”Ahh nu bener néw, manjur moal eta? Sugan wé atuh nya si eneng cageur di bawa kadinya mah.”
Onéw                    :”Ohh of course nyonya. Urang cobaan heula wé atuh, sugan wé little little diakhirna mah bisa.”
Bu imas                 :”Heueuh atuh nya, néw isukan teangan nya alamatna! Kudu ka panggih pokoknamah!”
Onéw                                    :”Ok nyonya, don’t worry!”

                Kaisukan na si onéw néangan éta alamat, éh geningan usut punya usut imah Dukun Jebret éta téh imah nu dicicingan ku si Kabayan. Sabab dukun éta téh ngajual imah na ka si Kabayan. Brosur anu di panggihan ku si onéw téh nyaéta anu geus lila.

Onéw                    :” Assalamualaikum.. Punten every body home?”
Iteung                   :”Waalaikumsalam.. Mangga, téu aya hanbody didieu mah.” (Sabari ngeleuweuh dijero)
Onéw                    :”Excusme…”
Iteung                   :”Ohh sanés bumi mang Engkus, palih ditu.”
Onéw                    :” Hmm, I cant help you?”
Iteung                   :”Ohh pasti yés yés jawabanna vis vis pokona.
Onéw                    : “Hmm,I wont some information please talk to me about dukun jebret in here right?”
Iteung                   :”Duhh pasti yes deuih yah jawabanna.”
Onéw                    :”Dasyar orang kampyung, hésé ogé nya, nya kieu wé atuh abdi mah badé langsung ka inti. Abdi kamari manggihan brosur yén didieu téh bumi na dukun Jebret. Kumaha leres teu?”
Kabayan               :(Datang ujug-ujug) Neng, dimana pancingan akang téh? Akang rék ikhtiar sugan wé meunang lauk lélé.”
Onéw                    :”Nahh that right! Manéh dukun jebret pan?” (Nunjuk si kabayan )
Kabayan               :”Sanés, kuring lain Dukun Jebret kuring mah kabayan.”
Iteung                   :(Ujug-ujug  akal licik Nyi Itenung datang) Ohh muhun leres pisan ieu téh Dukun Jebret.” (Nyi Iteung medol si kabayan sabari ngaharéwos) Atos akang mah cicing wé, iya iya wé Nyai nu ngurus.”
Kabayan               :”Sip atuh lah kumaha nyai wélah.”
Onéw                    :”Jadi bener ini téh house na Dukun Jebretnya?”
Iteung                   :”Iya bener, bah jebret téh rada pikun jadi rada kitu, tapi pokona sakti manéhna mah.
Onéw                    :”Wihhhhhhhh(Kagum) its great! Ibu téh sahana Dukun Jebret ath?”
Iteung                   :”Abdi téh juru wicarana Dukun Jebret heueuh teu? (Sabari ngalieuk ngiceupan si kabayan)”
Kabayan               :(Unggek)
Onéw                    :(Ujug-ujug nyembah si Kabayan sabari ceurik nangkeup sukuna) “Ohh embah tulungan majikan kuring, anakna gering misterius tulungannya mbah”
Kabayan               :”Eta téh biasana keuna kana guna-guna.” (Terus ngaharewos ka nyi iteung)
Iteung                   :”Okéh! Ceuk si mbah isukan kang kabayan arék ka imah majikan manéh siapkeun wé sasajen jeung duit 10jt dina kérésék hideung.
Onéw                    :”Okéh! Ké ku kuring disiapkeun. Kuring pamit heula bye-bye.

                Sanggeus si Onéw balik, Nyi Iteung jeung Kabayan nyiapkeun strategi jang nyiapkeun prakték Dukun. Kaisukan nana sanggeus sagalana siap, Kabayan datang ka imah majikan si Onéw. Di imah Bu Imas geus disiapkeun sasajén nu di pénta ku si Kabayan. Maranéhna geus siap nyambut Dukun Jebret alias si Kabayan.

Kabayan               :”Punten Bu,Assalamu’alaikum.”
Semua                  :”Wa’alaikumsalam.”

Teu lila Onéw muka panto. Tuluy si Kabayan asup maké gaya ala dukun modern, anu siap ngobatan pasién.

Kabayan               :”Punten, ieu téh sareng Bu Imas?”
Bu Imas                :”Muhun ieu sareng Bu Imas, teras itu sareng Icih budak anu gering aneh tea.” (Sabari nunjuk ka Icih)
Kabayan               :”Ohh muhun, Abdi Mbah Dukun Jebret téa nu sakti nu bisa ngubaran sagala panyakit.”
Bu Imas                :”Okelah sip. Tiasa di mulai ayeuna?”

Si Kabayan nyanghareup kana sasajén,biwirna komat kamit akting jiga beneran kos di
film-film.

Kabayan                  :”Ayeuna cing kabehan turutan jampé-jampé kuring.”

Kabehan nana nurutan si Kabayan anu katingali siga jelema bodo.

Bu Imas                :(Ngaharewos) “Néw, manéh téh yakin teu ieu Dukun Jebret? Ning asa kieu?”     
Onew                    :”Aduh Bu, I’m sure! Alamatna gé sarua jeung nu na brosur.”

                Tuluy si Kabayan ngawurkeun hiji kembang anu pokna nyaéta ubar jeung budak éta, budak éta  kur
cicing waé ku saréngkah pola si Kabayan.

Kabayan               :”Sapertina putri ibu téh kana guna-guna.”
Bu Imas                :”Guna-guna kos kumaha?”
Kabayan               :”Anjeunna teu tiasa nyarios nya?”
Bu Imas                :”Oh muhun, naha Mbah tiasa uninga nya?”
Kabayan               :”Pan Mbah téh maca status Fb ibu.”
Onew                    :”Kumaha nyonya, hebat pan?”
Bu Imas                :”Nya lumayan lah.”
Kabayan               :”Upami kitu mah kuring rék balik heula, ku sabab proses ngubaranna
                                geus bérés, ieu sasajen ku kuring bawanya.” (Sabari nyodorkeun sassajen)
Bu Imas                :”Oh muhun mangga, nuhunnya Mbah tos nulungan.”
Kabayan               :”Sami-sami, manggan Bu.” (Sabari sasalaman)

Kabayan teu lila balik sabari mawa duit anu 10 juta, jeung sésa sasajen anu tadi di
Suguhkeun. Sanggeusna nepi ka imah..

Kabayan               :”Nyai..... Alhamdulillah ieu akang meunang duit 10 juta. Jeung ieu tah akang mawa  kadaharan. Ambu, Nyai!!!”
Nyai Iteung         :”Wah alhamdulillah tah kitu atuh akang téh.”
Ambu                    :”Saha heula atuhhh, budak ambu téa.”
                                (Sabari agul)

                Teu lila geus sababaraha poé kaliwat, si Kabayan didatangan ku Bu Imas jeung polisi.
Ngan imah si Kabayan keur kosong, ku sabab si Kabayan jeung kulawargana keur liburan.
                Pas si Kabayan balik ka kampungna, tatanggan méré nyaho yén kamari aya ibu-ibu jeung
 polisi datang ka imah si Kabayan.

Tatangga              :”Kabayan... Kamari téh aya ibu-ibu jeug polisi neangan manéh,ngan manéhna euweuh jadi wé balik deui.”
K abayan              :”Alahh siah, arék naonnya?”
Tatangga              :”Atuhh da teuing, ménékétéhé.”
Kabayan               :”Oh kitu nyah. Nya enggeus atuh, nuhunnya geus méré nyaho.”
Tatangga              :”Sami-sami” (Sabari ngaleos ti hareupeun si Kabayan)
Kabayan               :”Aduhh... Bahaya!! Pasti Bu Imas éta mah. Kuring kudu kabur eung... Tapi kamananya? Aduhh otak mikir-mikir” (Sabari nakolan sirahna)
Nyi Iteung           :”Kunaon kang Kabayan, bangun siga nu bingung jeung sieun kitu?”
Kabayan               :”Ah henteu.. Hayu ah nyi urang kalebet.”

                Peuting-peuting Kabayan ngahuleung, tekadna geus buleud yén manehna rék kabur, Kabayan teu mikiran Nyi Iteung jeung Ambuna.

Kabayan               :“Ah ieu mah, kuring kudu bener-bener kabur. Mun henteu téh kuring pasti di kurung dina panjara.” (Ceuk Kabayan sabari ngaberesan baju) padahal manéhna teu mikiran rék kabur kamana.

                Lalaunan Kabayan kabur, bari mawa gembolan anu eusina baju. Teuing kamana Kabayan rék kabur euweuh tujuan. Henteu karasa manéhna geus leumpang jauh. Panon poé geus moncorong, manéhna geus nepi di daérah anu kacida raména jeung bangunnana mararegah teuing naon ngaranna. Tijauh manéhna ningali prajurit datang mawa kabar anu judulna sayembara.

Prajurit                 :”Pangumuman..... Pangumuman......” (Bari keukeuleuweuhan) “Sang raja arék méré sayembara ka saha baé, saha anu bisa ngaleungitkeun kutukan putri raja, yén putri raja teu bisa seuri. Cig saha waé anu bisa ngajieun puri raja seuri, lamun jelema éta awéwé maka ku raja arék diangkat jadi putri anu ka dua, lamun jelema éta lalaki maka éta rek dijadikeun salaki putri.”

                Kabeh anu aya didinya sing alemprak kacuali si Kabayan ngan ngahuleng da teu
Ngartieun naon maksudna. Kaisukan nana rakyat geus rame,nampilkeun tingkah laku anu lucu,jeung harepan supaya bisa ngajieun puri raja seuri, sabab loba anu ngaharepkeun bisa dikawinkeun jeug putri.

                Aya nu nampilkeun Badut, pantonim, jeung nu nyayi.
Mimiti badut nu tampil, putri raja masih can sueri. Mangkaning tingkah laku eta
badut pikaseurieun. Kitu oge nu pantonim, nu nyanyi, eeeuweuh anu bisa ngajieun putri raja seuri.

                Geus tampil kabeh,tapi putri raja acan seuri-seuri. Tuluy prajurit nawarkeun deui saha nu
rek tampil ka hareup. Teu lila si Kabayan tampil,

Kabayn                 : “(rek nyobaan nari ah, rada karesel oge yeuh)” dina jero hate Kabayan.

Tapi manehna rada bingung, da arek nari jaipong da teu bisa, teu lila si Kabayan diserang ku grup pantonim, nepika si Kabayan muak eta grup Pantonim ku hitutna anu gede. Nepika grup pantonim téh pararingsan. Teu lila putri raja seuri nepika ungkel-ungkelan.
                Si Kabayan reuwas,bari ngahuleng. Raja ngilu bungah sabab budakna bisa seuri
deui. Terus si Kabayan ku raja di kawinkeun jeung putrina.

                Di tempat anu lain,di imah si Kabayan geus pinuh ku polisi, Ambu jeung Nyi Iteung
Bingung teu bisa walakaya neangan si Kabayan kudu kamana.

Polisi                      :”Assalamu’alaikum. Punten, kami ti pihak kapolisian nuju milari nu namina bapak Kabayan,leres ieu bumina?”
Nyi Iteung           :”Muhun leres, ieu pan Iteung istri anu panggeulisna?”
Polisi                      :”Kami ti pihak polisi bade nangkap Bapak Kabayan ku sabab Bapak Kabayan tos ngalakukeun  panipuan.”
Nyi Iteung           :”Aduhhh...ehh.. Pak Polisi, Iteung ge teu terang Kang Kabayan di mana.”
Polisi                      :”Ah itu mah derita lo, wayahna Nyai Iteung kedah milarian Kabayan dugika kapendak, salami milari si Kabayan, bumi ieu ku abdi disita heula. Sakumaha parentah Bu Imas.”
Nyi Iteug              :”Aduhhh alah siah,kumaha atuh ambu ieu téh.”(Iteung ngareret Ambu sabari ceurik)
Polisi                      :”Nya mung sakitu anu kapihatur ti sim kuring,hapunten bilih aya  kalepatan.Wassalamu’alaikum warrohmatulllahi wabarokatuhh.”(siga dakwah)

                Nyi Iteung jeung Ambu tatangkeupan sabari ceurik sabab bingung teuing kudu kumaha.
Disisi lain si Kabayan mah keur bungah, manehna cicing di Istana meunangkeun pamajikan anyar anu geeeuuulis tur katurunan Raja, mun katurunan raja, nya tangtu beunghar sagala kacumponan. Si Kabayan teu inget saeutik oge ka Nyi Iteung jeung Ambuna, padahal Nyi Iteung jeung ambuna keur neangan si Kabayan, keur susah, sabab imahna oge di sita jadi bingung rek cicing dimana.

Ambu                    : “Iteeuung, geuning budak ambu teh kitu. Doraka siah maneh Kabayan!”
Iteung                   : “Tos we Ambu percuma da ayeunamah, urang teangan we si Kabayan  teh.”

       Iteung jeung Ambu indit ti imah eta, antugna Nyi Iteung jeung ambu teh rek neangan si Kabayan. Leumpang Ambu jeung Nyi Iteung mapai jalan satapak.  (lagu mapai jalan satapak)
Basa Ambu jeung Nyi Iteung leumpang, teu kahaja ngadangu warga didinya ngaromong sing harewos

Warga                    : “Enya ceunah eta teh si Kabayan nu kawin teh.”

Teu lila Nyi Iteung langsung malik sabari nyampeurkeun eta warga teh

Nyi Iteung            : “Haah?? Naon naon ieu teh? si Kabayan? Kawin? Jeung saha?.”
(Nyi Iteung sabari hariweswes, ambekna aya Itung teh).

Ambu                     :“Eh.. eh, teumeunang kitu nyai!, Punten nya teteh.” (Ambu langsung menta hampura)
Warga                    :“Oh muhun teu sawios atuh. Eh eh Ambu, teurang teu Putri Raja anu di sebrang teh ayeuna mah tos nikah, cenah mah jeung si Kabayan.” (sabari rada ngalieuk ka Nyi Iteung)
Nyi teung             : “Aah teu mungkin Ambu, teu mungkin pisan kang Kabayan kitu!! Teu mungkin kang Kabayan hianat ka Nyai.” (sabari ceurik nangkeup Ambu).
Ambu                     : “Keheula Nyai keheula, bisi lain si Kabayan budak Ambu nu kasep tea. Na leres kitu eta teh teteh si Kabayan teh?”

Saacan dijawab ku warga eta, teu lila aya si Kabayan jeung pamajikan nu anyar na keur jalan-jalan sabari dikawal ku Prajurit.

Nyi Iteung           : “Ambu, itu geuning bener kang Kabayan. Ambu tinggali!” (sabari ceurik jeung ngagesek panon)
Ambu                    : “Alah siah bener geuning ituh, ke urang sampeur.....”

Saacan beres Ambu nyarita Nyi Iteung geus tiheula nyerenteng nyampeurkeun Kabayan.

Nyi Iteug              : “Akang! Akang Kabayan!” (sabari leumpang nyerenteng ninggalkeun ambu).
Ambu                     : “Nyai keheula tungguan Ambu!” (sabari ngudag Nyi Iteung)
Kabayan               : “Ituh.. Nyai Iteung, kadeudeuh akang.” (sabari lumpat rek nangkeup, tapi teu keuna)
Iteung                    : “Akaaaang.” (sabari lumpat oge)
Kabayan                : “Eh geuning Nyai, kumaha Nyai damang? Ambu damang? Akang teh sonoooo ka Nyai.”
Iteung                    : “Alhamdulillah akang, akang teh kamana wae? Nyai teh geus cape neangan akang jeung Ambu. Akang mah kitu teu tanggung jawab! Nya imah teh rek disita. Kamana wae atuh akang teh?”
Putri                      : “Ssstoooop! Aya naon ieu teh? Kabayan ari eta saha?”
Kabayan               : (ngahuleng)
Iteung                   : “Ih didinya sugan saha?! Cunihin teuing ka salaki Iteung teh.”
Putri                      : “Ih didinya nu cunihin! Dasar cewek kampyung! KAM--SEU--U—PAY!!!”
Kabayan               : “Sstoooop! Heup ayeuna mah hayu urang bereskeun di Karajaan!”
Putri                      : “ Eh keheula atuh akang, naha make dibawa ka Karajaan? Emang eta saha?” (sabari rada ngambek)
Kabayan               : “Cicing eneng teh pamajikan akang, jadi ayeuna mah kumaha akang we.”

Tuluy kabehanana ngabring ka Karajaan, si Kabayan hate na bingung kudu ngajelaskeun kumaha ka Nyi Iteung. Nyi Iteung geus teu kuat hayang ngedalkeun amarah na ka Kabayan.
Satepina di Karajaan, dikumpulkeun sadayana. Diantarana aya Nyi Iteung, Ambu, jeung Putri. Kabeneran ratu jeung Raja nuju teu aya di Kerajaan. Kabayan nyobaan rek muka cacaritaan sanajan dina jero hate na hariwang.

Kabayan               : “Nyai,...”
(saacan Kabayan nyaritana beres, Nyi Iteung geus miheulaan nyarita ka Kabayan)
Iteung                   : “Akang na kumaha ieu teh sabenerna teh? Akang mah ngaleungit teh kalah kawin deui!! Teu mikiran hate nyai kumaha? Hancur akang hancur? Ningali jelema nu dipika cinta kawin deui teh euhhh asa kumaha mah tidak biasa di jelaskan oleh kata-kata” (sabari camberut)
Kabayan               : “Keheula atuh Nyai, pan ku akang bade dicaritakeun. Kieu,,, sabenerna akang ge teu ngarti naha bet jadi kieu.”
Putri                      : “Helooowwwwwww..... jadi Kabayan teh teu serius nikah jeung saya teh?”
Kabayan               : “Tahan atuh tahan ieu teh! Bere waktu kuring jang nyarita!”
Putri                      : “Nya atuh sok mangga rengsekeun heula ku duaan”
(Putri ninggalkeun Kabayan jeung Nyi Iteung)

(Kabayan jeung Nyi Iteung Parasea, Putri ninggalikeun, lagu melanggar hukum diputer)

Kabayan               : “Neng putri cobi kadieu!” (Putri nyampeurkeun) “Kumaha upami kieu we ayeuna mah, Nyi Iteung teh belahan jiwa akang. Sedengkeun Ambu teh nu ngalahirkeun akang. Kumaha lamun Nyi Iteung jeung Ambu cicing didieu, Neng Putri ridho teu?”
Putri                      : “Mangga kang. sing lautan saat, bumi ngabeulah jadi 2, 4, 8, 10, 16, sabaraha wae eta, gunung ngarapung Eneng rela kang, sabab Neng tiasa kieu seuri deui kawas ayeuna berkat hitut akang.”
Iteung                   : “Keheula, jadi Nyai teh dicandung kitu?”
Kabayan               : “Nya atuh da sekarang mah harus gimana lagi? Kumaha Nyai kersa henteu?”
Iteung                   : “Nya atuh ayeuna mah Nyai rek berusaha narimakeun kanyataan.”  (Biarpun saya didua, tapi saya teh bakal jadi orang kaya)

Nyi Iteung jeung Putri akhirna daek dicandung. Sadayana jadi cicing di Karajaan, Ambu ayeuna mah bisa dahar sapuasna jeung pais lele, Raja jeung Ratu teubisa nyaram kana kalakuan si Kabayan sabab eta mangrupakeun kahayang ti Putrina nu di pika nyaah.
Akhirna maranehna hirup senang di Istana ...


Karya : Siti Rohayati & Mirna Tridewi tambahan Cerita "Dukun Jebret"

Semoga bermanfaat :)



Tidak ada komentar:

Posting Komentar